Jumat, 21 Agustus 2009

SAJARAH CIANJUR

tulisan ini dibuat oleh saya sekitar tahun 2002-2003, pernah dikirim ke mailing list urangsunda@yahoogroups.com dan diarsip di www.urang-sunda.or.id

SEJARAH CIANJUR
SAJARAH CIANJUR

Neda agung pangaksama
Hakeki ka Maha Suci
Lahirna ka balarea
Mugi heunteu lepat tampi
Sanes ati kumaki
Reh agul ku paying butut
Mapay laratan turunan
Ieu Mah ibarat misil
Ibaratna budak anu mapay Bapa
Cianjur Nagri kawentar
Dina jaman pra bopati
Tangtu ngandung titimangsa
Sajarah pon kitu deui
Ngandung warsih mimiti
Saha anu ngadeg papayung
Catetan mere jawaban
Sajarah geus mere bukti
Kabudayaan kasenian anu geus nyata

Cikundul Cijagang jadi bukti
Patilasan bupati baheula
Nelah Aria Wira Tanu
Cakal bakal Cianjur
Sinareng payebar agami
Meraskeun kanjeng rama
Nu punjul linuhung
Aria Wangsa Goparana
Nu ngadegkeun Sagalaherang nagari
Ulama Islam munggaran
Dalem dipundut ku NU Asih
Digentos ku ingkang putra
Wiramanggala namina
Cikundul teras dikantun
Ka Cikalong midamel ngalih
Mung didinya teu lawas
Ngalih gura giru
Ngababakan padaleman
Nyumponan wangsit ngadamel nagari
Katelah Pamoyanan
Undur taun bagentosan warsih
Pamoyanan sepi kantun ngaran
Dina waktos Dalem Dicondre
Pikeun cirri papayung
Nya panguyangan badak putih
Jadi tengah nagara
Bukti alun alun
Cuanjur murbawisesa
Subur makmur gemah ripah loh jinawi
Nyebar ka janapria

Perbedaan waktos (taun kajantenan)
Dina ngabuka sajarah Cianjur aya sababaraha pendapat nu teu sami :
Rd Jayasasana (Aria wiratanu I) teu ngalaman masa Mataram, kumargi dina eta carita disebat yen, sabada Aria wiratanu I pupus, putra anjeuna aya selisih paham dina ngenaan mayunan Mataram, Rd Aria Cikalong gaduh pendapat Mataram kedah dilawan, nanging, Rd Aria Kidul teu sapendapat kumargi sanes sieun ku mataram nanging kahatos ka rahayat bilih seueur korban, akhirna sabada badami Rd Aria Kidul mangkat ka Mataram nu nandakeun yen Cianjur di bawah Mataram.
Dina masa Jayasasana, ngalaman jaman Mataram nanging Cianjur teu lebet kana pengaruh Mataram kumargi nuju harita di cianjur teu acan aya pemerintahan nu ageung, nanging mung dugi ka kelompok masyarakat tertentu didieu maksadna kelompok Rd Jayasasana (Aria Wiratanu) nu dicandak ti Sagalaherang, janten cianjur mangrupi hiji daerah nu bebas ti pangaruh mataram, Banten, Belanda.

Taun-taun kajantenan dina mangsa Jayasasana teu patos jelas, nanging aya sababaraha kajadian nu janten patokan nyaeta nuju mataram rek ngarugrug Batavia (1628), perang Banten (Sultan Ageng Tirtayasa 1680-an).

Rd Jayasasana (Wiratanu I)
Putra cikal Aria Wangsa Goparana jenenganana Rd Jayasasana, ti anom na keneh anjeuna damelna mung ngulik agama sareng tatapa. Patilasan tapana dugi ayeuna aya keneh, di antawisna di pasir Sagalaherang sareng guha Citarum.
Numutkeun carios (wallahu’alam), sareng kapercayaan nu aya keneh khususna di kalangan rundayan seuweu seuwi Wira Tanu (Datar) waktos anjeuna tapa kasumpingan jin Islam mangrupi istri geulis kawanti-wanti. Ieu jin kantos ditikah kalayan kagungan putra 3 nyaeta :
1. Aria Suryakencana
2. Indang Sukaesih
Andaka Wirusajagat

Nuju aralit keneh ieu palaputra sok dieyong diayun dina sinjang ngarah enggal kulem. Hiji mangsa nuju dieyong leungit, sanggem carios dicandak ibuna Aria Suryakencana dicandak ka Gunung Gede, Indang Sukaesih ka Gunung Ciremai, Andaka Wirusajagat di Gunung Kumbang. Dugi ayeuna wartosna turunan cikundul aya pantrangan teu kenging diayun dina sinjang. Sareng upami aya kagungan hajat pepestaan ria (ulang taun kota Cianjur) sok nganggo iring-iringan disayagian kuda kosong lengkep panganggo sela sareng dipayunan sakumaha biasana kanggo dalem. Kuda sok ngoprot kesangan leumpangna kawas nu ripuh pisan, numutkeun carios eta kasumpingan Suryakencana.
Saparantos janten Dalem Raden Jayasasan the ngango gelar Aria Wira Tanu heunteu nganggo Datar upami nu nganggo Datar mah Wiratanu IV.
Kinten-kinten taun 1635, Rd Jayasasana ngalih ti Sagalaherang milari padumukan anyar leresan Cikundul, salah sahiji walungan di kacamatan Cikalong kulon kiwari. Cacah heunteu ngempel di hiji tempat nanging mencar, umumna mah caket wahangan cibalagung, cirata, jst. Sementawis eta Rd Jayasasana nyusur walungan Citarum dugi ka gunung wayang nepangan Rden Haji Abdul Syukur jujuluk kanjeng sunan Pager Batang, putu Pangeran Girilaya..



Rd Aria Wira Tanu I

Aleutan cacah anu ngiring sareng Wira Tanu I the sanos padumukanana mencar oge tetep ngarupikeun hiji golongan (gemeenschap/walanda,kesatuan/Indonesia). Nganggo basa ilmiah mah cacah, nu ngiring ka Wira Tanu I the kasebat hiji volksgemeenschap (kesatuan masyarakat). Saban kesatuan ngagaduhan kepala, hubungan kepala sareng kesatuan dumasar kana kapamingpinan. Kesatuan Wira Tanu I disebat cacah Wira Tanu bae sakumaha nu kasebat ku Puspawangsa waktos ngayakeun cacah jiwa. Lami-lami dina kesatuan the lahir tata cara hirup kumbuh anu wajib dataati ku unggal cacah Wira Tanu sarta janten sifat mandiri.
Kawajiban alamiah unggal kepala kesatuan the nyaeta ngadu jajaten dina aya bancang pakewuh, sapertos upami aya nu ngarugurug ngadon ngaboyong rahayat, anatanapi aya maling rampog nu ngaganggu Diana katentreman masyarakat. Kumargi kitu kepala kesatuan langkung cocog upami disebat panglima atanapi senapati. Daerah bawahanana disebat kasenapatian. Wira Tanu I ngawitan mah teu benten ti hiji senapati sanes Dalem sapertos Dalem Sumedang, Bandung jsb. Istilah Dalem ngandung hartos ayana pamarentahan jero nagara, sedengkeun kepala kesatuan Wira Tanu I masih aya Diana tahap kasenapatian.
Pamukimam nu anyar dicicingan ku sababaraha cacah disebat babakan pibakaleun lembur. Lembur mekar janten kampung, kampung janten nagri. Kumpulan nagri janten padaleman, kapalana nyaeta Dalem. Kapala nagara namina raja, sultan atanapi gelar sjb.
Cacah Wira Tanu I maratuhna di sabaraha nagri. Wilayah nagrina janten hak milik sarta bawahan Wira Tanu I. Harita nu jadi ibu nagri nyateta Cikundul.
Taaun 1645 Rd Senapati Kiayi Aria Wira Tanu ngalakukeun panalungtikan di tilas wilayah Padjajaran Tengah, sareng Padjajaran Girang dugi ka Cisadane nu ngajorok ka walungan Ciberang di Sajira, kabupaten Lebak (Banten) ayeuna. Anjeuna wangsul ngalangkungan Ubrug, walungan citatih, istirahat samentawis di sisi walungan Ciheuleuy sirah cicatih di daerah Parung-Kuda, Pangadengan ayeuna lajeng anjeuna naek gunung sedah kencana (ayeuna gunung gede) di suku gunung beh kaler dugi ka padepokan (pasantren) Kanjeng Aria Wangsa Merta di tarekolot, Cikarta Nagara (ayeuna cinangsi).
Dina hiji mangsa sababaraha adipati ti kawasan Padjajaran tengah, girang, nu ngacakup Cianjur, Sukabumi ayeuna ngumpul di puncak gunung nu biasa dianggo tempat musyawarah ku para raja (adipati). Ti mangsa Pakuan Padjajaran sering diganggu musuh ti luar, tempat eta disebat Gunung Rompag dan disebat kitu kumargi senjata prajurit Padjajaran tos rompag (bergerigi) akibat dianggo perang 50 taun. Tempat eta aya nu nyebat “Karamat Pasamoan”, lajeng nu hadir nyaeta :
Syeh Dalem Haji Sepuh Sang Prabu Jampang Manggung nu asalna ti nagri Singacala bawahan Galuh, nu di tanah Pajampangan dikenal sareng nami Syeikh Haji Mulya, Syeihh Haji Soleh, sareng Syech Aulia Mantili.
Kanjeng Aria Wira Tanu Cikundul, atanapui Pangeran Jaya Lalana, julukan Raden Ngabehi Jaya Sasana, sareng Pangeran Panji nata Kusumah.
Raden Sanghyang Panaitan, Rd Widaya jujuluk Pangerang Rangga Sinom di Sedang, Kanjeng Adipati Sukawayana.
RadenAdipati Lumaju Gede Nyilih Nagara ti Cimapag
Kanjeng Kiayi Aria Wangsa Merta ti Tarekolot, Cikarta Nagara
Kanjeng Dalem Nala Merta ti Cipamingkis
Pangeran Hyang Jaya Loka ti Cidamar
Pangeran Hyang jatuna ti Kadipaten Kandang Wesi
Pangeran Hyang Krutu Wana ti Parakan Tiga
Pangeran Hyang Manda Agung ti Sancang

Lajeng maksad ngumpul eta kanggo ngabahas kahoyong para Adipati ngajalin kerjasami langkung erat, terutami nangkal ancaman ti luar. Kumargi kitu dibutuhkeun pamingpin nu tangguh, nu nyepeng tangkai nu disebat Raja Gagang (Raja Nyepeng Tangkai). Usul ti Prabu Jampang Manggung disatujuan ku sadaya nu hadir, pilihan ka Kanjeng Dalem Aria Wira Tanu, Dalem Cikundul.
Hal ieu memang tos diperhetangkeun sateuacana, sabada shalat Jum’ah nu waktos harita sami sareng bulan purnama Rabiul Awwal 1076 H, atanapi 2 Sepetember 1655, medal nagri Cianjur, manrupi nagri berdaulat, merdika, berdaulat teu tunduk ka kumpeni, mataram, Banten, tunduk nanging ka Allah SWT. Nagri ieu dipimpin ku Aria Wira Tanu, Dalem cikundul Raja Gagang. Tina buku “DE PRIANGAN” jilid 2 kaca 130 karya Dr F de Haan sareng ti “Daghregister Walanda kaping 14 januari 1666 ayana catetan ti laporan perjalan Sersan Scipio nu nyatekeun yen ditampi serat ti “Raja Gagang” nu nyatakeun Raja ti Pagunungan (connick in het gebergte) teu dijajah ku mataram, banten, cirebon, kumpeni ngan langsung tunduk ka Allah SWT.
Taun 1677 nalika Dalem Cikundul janten Raja Gagang, Raja Sunda di Pagunungan orientasi ka perbatasan Banten sareng tilas Padjaran Girang, Padjajaran Tengah.
Taun 1684 sawios Sembah Dalem Cikundul ngemban tugas Raja Gagang kaayaan kaaamanan ti jero nagri khususna di wilayah Cianjur terkendali sareng sae, sementawis putera Dalem Cikundul nu aya di Sagalaherang tos ngisat diri (aqil baligh) sareng anjeuna ngayakeun persiapan sareng latihan di bawah pengawasan Rd Aria Yuda Menggala rai dalem Cikundul. Rd Wira Menggala harita aya di pasantren tare kolot diistrenan ku ramana jante pawaris Dalem Cianjur jujuluk Kanjeng Aria Wira Tanu II (dalem tare kolot). Sementawis dalem Cikundul janten pamingpin di Pasantren Cikundul.

Sumber panulisan ieu tina :
SAJARAH CIANJUR SARENG RD ARIA WIRA TANU, Drs Bayu Surianingrat, 1982
SEJARAH KANJENG DALEM CIKUNDUL, Yayasan Wargi Cikundul, 1995
Kasepuhan Sagalaherang
Kasepuhan Cikundul, Cianjur

Rd Aria Wira Tanu I (lajengan)
Peperangan

Dina mangsa Aria Wira Tanu I Cianjur kantos ngalaman perang, dina sasih desember 1679 wadya balad Banten ngalangkung ka Maroberes (muara beres kaler Bogor sisi cisadane) total jalmina 800 urang dipingpin ku 3 hulubalang rek ngajugug ka Sumedang. Sasih januari 1680 wadya balad cianjur dipingpin ku Santaprana megat wadyabalad Banten, der perang compuh rongkah pisan. Santaparana jeung 1 lurah dipaehan ku urang Banten jeung rahayat umum di pagunungan heuteu kaitung, urang Banten leugiteun 47 urang. Lian ti eta ngarampas 103 munding jeung sapi kajantenan ieu dina sasih Februari 1680. Lajeng Wira Tanu I mepek wadya balad, ayeuna wadyabalad Cianjur ditambih jeung Cikundul. Dina raraga ngayakeun panarajang balesan , Wira Tanu I the bade ngarebut deui cacah nu diboyong ku Banten. Dina ieu serang katingal pisan jiwa patriotsme sareng taktik bertempur Wira Tanu I senapati ing ngalaga. Ku Senapati Wira Tanu I timbang taliti sareng asak pisan ngeunaan untung rugina, lajeng anheuna nganggo taktik meupeh-mabur hal ieu dianggo kumargi jumlah wadya balad Cianjur langkung alit tinimbang Banten, wadya balad Cianjur aya 400 urang, kitu oge upami dimobilisasi sadaya (katut awewe, orok, jeung nini-nini), jumlah nu jauh benten pisan. Lajeng maranehna nu ti Nagri Cianjur jeung Cikundul dipingpin langsung ku Wira Tanu I ngalawan urang Banten, sarta sanggeus urang Banten leungiten dua urang hulubalangna kapaksa urang Banten ieu kabur nyokot jalan mimiti ngaliwatan Tanjoulang (Cijulang) balik deui ka Banten sabab sieun diudag ku Wira Tanu I. Dina buktos ieu tetela sakumaha wawanen Wira Tanu I nu geus wani ngarebut deui boyongan sareng ghonimah ti pihak musuh, kalawan musuh mabur.
Didieu sim abdi bingung kunaon sami Sunda jeung Islam tiasa paketrok ?, hal ieu ngingetkeun kana kajadian runtagna Padjajaran ku Banten. Kantos janten bahan perdebatan di milis ieu ngenaan runtagna Padjajaran ku Banten, sim abdi kantos nanggapi mung 1 kali kumargi harita ego pribadi tos muncul, sanes ngagunakeun akal sehat janten teu aya guna upami neraskeun diskusi. Aya anggota milist nu satuju aya oge anu heunteu dupi alesannana :
Anu Satuju, kumargi ieu dina nanjerkeun Islam (jihad), kumargi Padjajaran the najan dulur nanging agamana masih Hindu.
Anu Teu Satuju, kumargi najan kumaha Padjajaran the masih luluhur urang Sunda kaasup Banten jeung Cirebon.

Aya prakiraan kunaon Banten ngaruntagkeun Padjajaran :
Kanggo nyebarkeun agama Islam di Pasundan
Raja Padjajaran keur mangsa harita geus teu bener dina ngajalankeun kakuasaanana saperti mabok, maen awewe, judi, nindes rahayat.
Motivasi pulitik ti Banten, kumargi Padjajaran najan geus ditinggal lila ku Maharaja Ing Pasundan Sri Baduga Prabu Siliwangi, sareng seueur daerah nu dicaplok ku Cirebon atanapi Banten, tetep hiji karajaan nu kuat di Pasundan tangtuna ieu nu nyieun sieun pihak Banten.
Ayana pihak gegeden (pejabat) Padjajaran nu nyeri hate ka Raja.

Upami maca sajarah Sumedang, nalika Padjajaran bade runtuh, Kandaga Lante ti Padjajaran (senapati ?), ngintun mahkota Binokasih ka Prabu Geusan Ulum hal ieu nandakeun yen Sumedang the penerus Padjajaran. Padahal Sumedang keur mangsa harita geus Islam, kitu deui Kandage Lante (Jaya Prakosa) Padjajaran. Ningali ieu buktos, tiasa janten di lingkungan rahayat tur karaton Padjajaran tos seeur nu ngagem Islam.
Punten sim abdi kaluar jalur bade nerangkeun perkawis runtagna Padjajaran, sim abdi langkung condong runtagna Padjajaran the ku point no 4 di luhur kumargi dumasar kana versi sajarah nu dicutat dina babad Banten kieu :
“Mangsa aya gulang-galang Padjajaran anu ngarasa nyeri hate, teras biluk ka Banten, wastana Ki Jungju sareng adina Ki Jongjo. Ki Jungju ngadeheus ka Sultan Banten nerangkeun sanggem narajang dayeuh Padjajaran asal dibahanan ku ratusan prajurit nu tumpak kuda sareng manehna hulubalangna. Wanci tengah wengi Ki Jungju sareng prajurit lebet ka jero benteng kumargi anjeuna urang jero tos apal kana kaayaan eta tempat, perang rongkah pisan, urang Padjajaran bobor karahayuan.
“Sampuning palastra nanging warnaen ika, ratu oakuan ini apan sami sayaga, lan para ponggawa, yen ana musuh prapti geger wong pakuan tan karuhan idepnya polahe wus borak barik. Adan kocapa mangke wus tengah wengi iyata ki jungju adan manjing jeroning kuta wayahe tengah wengi, geger wong jero kuta, tan koningan lebatnya ki jungju kuwat ngamuki sarewangina wong ngatusan ngoeni. Ramening prang gusraken tunjang tinunjang angrebut anak rabi ingkang gasik ngalas kang katut tan pejah. Kocapa ratu nita neki Sang Seda lan Pucuk Umum malih.
Prabu Seda anglengleng lan kakleng ika sami musna tan kikas yen ujaro ika ingaran ngahyang ilang wa kakawarni. Kocapa bala ing sakatahe kang kari lan kinen amandang kalimah kalih sahadat saweneh karsa pribadi mangke kaswna panembahan nireki. Panembahan lungguh ing pakuan”
Hartosna kieu :
Saparantos sayaga rupi rupi ratu pakuan oge sami sayaga sareng para ponggawa yen aya musuh tarapti gegger urang pakuan teu kantenan pikiranan polahna geus kaweur lajeng kakocapkeun engke parantos tengah wengi nyaeta ki jungju teras lebet ka jero kuta wayahna tengah wengi gehger jalmi jero kuta, ki jungu ngamuk. Ramena perang tanding silih sedek ngarebut anak pamajikan. Enggal ka leweung di bawa pisah.
Kocapkeun raja sareng prameswari Prabu Sada sareng Pucuk Umum deuih. Prabu Seda kalintang ewedna, nya kitu deui nu kadeuheus ka anjeuna. Nanging teu lami aranjeuna sami musna tanpa aya tilasna bejana kasebut ngahiang leungit teu katingali. Kocapkeun balarea anu kantun ngucapkeun dua kalimah sahadat kalayan kahayang pribadi sanes pamaksa penembahan. Panembahan lami calik di Pakuan.
Sumedang kantos oge diserang ku Banten nalika ngajalankeun shalat Idul Fitri dina dinten Jum’ah, kumargi kitu dugi ayeuna di Sumedang aya Sasakala upami aya lebaran dina dinten jum’ah sok aya upacara tertentu.
Mung aya heran nyaeta Pakuan the tos diruntagkeun ku Banten nanging Pakuan (Bogor) teu lebet kana kasultanan Banten hal ieu dibuktoskeun yen 100 taun langkung sabada Padjajaran runtag Pakuan janten leuweung teu aya pendudukna dumasar laporan ti salah saurang Walanda nu nalungtik Padjajaran taun 1600-an. Kadua di Bogor teu aya paninggalan ti kasultanan Banten. Jakarta tilas bagean kasultanan Banten rea pisan titingalna boh masjid atanapi makam, sapertos di Jatinegara Kaum, Tb Angke, Mangga dua, jrrd. Panginten Bogor teu lebet kasultanan banten kanggo kahormatan ti Sultan Banten ka karuhun nu di Pakuan.
Bogor nembe dibuka deui nalika turunan sumedang nyaeta Ngabehi Tanu Wijaya anu pernahna di Kampung Baru kitu oge turunan Cikundul ngiring ngabuka Bogor (Sukaraja). Janten urang Bogor nu ayeuna aya nempatan eta wilayah panginten sanes asli ? (panginten)
Balik deui kana sajarah Cianjur di luhur disebat yen Wira Tanu I katingal pisan gede wawanen tur ahli perang. Saparantos ieu kajantenan cianjur aman teu aya gangguan naon-naon ti musuh sareng Wira Tanu I mulih ka Cianjur ngabimbing pasantren tur janten kasepuhan dugi ka tilar dunyana, sementawis pamarentahan dipasrahkeun ka putrana nyaeta Wiramenggala nu gaduh gelar Wira Tanu II.
Rd Wira Tanu I pupus antawis taun 1681-1691, anapon anjeuna gaduh putra nyaeta :
Rd Suryakecana di gunung gede (ti bangsa jin)
Rd Endang Sukaesih di gunung ciremai (ti bangsa jin)
Rd Andaka Wirusajagat di gunung kumbang (ti bangsa jin)
Rd Aria Wiramanggala (Wiratanu II), dalem Tarekolot di pamoyanan
Rd Aria Martayuda di sarampad
Rd Aria Tirta di Karawang
Rd Aria Natadimenggala (Aria Kidul) di Pasir hayam
Rd Wiradimenggala (Aria Cikondang) di Cibeber
Rd Aria Suradiwangsa di Panembong
Nyi Mas Kaluntar di dukuh caringin
Nyi Mas Karangan di bayabang
Nyi Mas Bogem teu aya nu terang
Nyi Mas Kara teu aya nu terang
Nyi Mas Jenggot teu aya nu terang

Lajengkeneun………..

Dalem Aria Wiratanu II

Tipayun parantos disebat yen putra Wira Tanu I the ngaralihna ti Sagalaherang ka Cibalagung disarengan ku Yudanegara (rai Wiratanu I), teras dumuk di pasir Wira Tanu. Dalem Wira Tanu II janten Dalem the na sarengsena Mataram. Taun 1685 Wira Tanu II janten Umbul di Cilaku, cepenganna ngawengku :
Nambo kapalana Karti Jaya
Bojongdua --------- Ki Ngabehi Astra Dipa
Jura Kaso Angga Nastra
Cihea Narayuda
Sokan Wangsa Naya
Unggal padumukan the dikapalaan ku Umbul atanapi cutak, kalayan sok nganggo gelar Ngabehi malih aya oge ku Aria. Dina taun 1688 Wira Tanu II ngalih ka kaleren cibalagung milari tanah nu rata teu tebih ti tilas pangguyangan badak putih. Dina taun 1691 Pamoyanan janten dayeuh nagri Cianjur, anjeuna janten bupati (regent) kahiji nu disahkeun ku walanda. Pamoyanan the tilas dayeuh nu diruksak ku Banten. Di nagri cianjur aya sababaraha kampung diantawisna Pamoyanan, Cianjur. Kampung sareng kampung the pernahna pacaket sapertos kampung pamoyanan sareng cianjur mung dipisahkeun ku leuweung sareng wahangan cianjur. Numutkeun laporan taun 1700 tetela yen Cianjur the ngaraupikeun kabupaten Mandiri, salajengna aya serat ti wira Tanu II ka Gubernur Jendral nu eusina supados diayakeun wates Cianjur jeung Ciablagung, supados cianjur kulon dugi ka citarum, ka kidulna ka jampang, nanging ieu uslan the ditolak. Cacah cianjur dina taun 1780 nyaeta cikalong aya 60, majalaya 65, Cibalagung 69, cianjur 360 umpi.. Dina mangsa kabupatianna aya sababaraha kajantenan nu aheng, nu mana cianjur kaciwit kabawa kulit, diantawisna :
Kontrak Cirebon – VOC (januari 1681)
Kadorong ku haying mandiri Cirebon ti taun 1678 keneh parantos katingal rada dengdek ti batan Banten, waktos harita Cirebon aya Diana pangaruh mataram atuh Banten satekah polah narik Cirebon ti Mataram
2.Kontrak antawis Banten-VOC (17 april 1684)
Dina sasih Feb 1683 Sultan Haji Abdul Kohar paketrok jeung sepuhna nyatea Sultan Abdul Fattah (Sultan Ageng Tirtayasa)
Barontak Haji Prawata Sari (1703-1706)
Tina akibat tanam paksa tarum di Jampang aya aya baraontak ka VOC anejuna gaduh balad 3000 jalmi nu ngarepotkeun Si Kebo Bule (walanda).
4, Mansa Paceklik
5 Kontrak Mataram – VOC (5 okt 1705)

Lanjengkeun…

Barontakna Haji Prawata Sari (1703-1706)
PAHLAWAN SUNDA NU DIPOHOKEUN…….!!!

Tiasa janten ku ayana tanam paksa tarum atanapi teu kiat ningal kasangsaran rahayat ku rupi-rupi pakasan sareng siksaan atanapi lantaran unsur pulitik, di Jampang aya nu barontak ka Walanda dipingpin ku Haji Prawata Sari, nu alitna disebat Raden Alit. Anjeuna the turunan ti Prabu JampangManggung alias Borosngora nu asalna ti Panjalu.
Barontakna ngawitan sasih maret 1703, teu kinten rongkahna. Haji Prawatasari tiasa ngempelkeun balad dugi ka 3000 jalmi, VOC kalang kabut. Sakali mangsa aya wartos yen Haji Prawati Sari pupus. Pieter Scorpoi lulugu pasukan VOV teras bae ngagiringkeun sadaya warga jampang seueuerna 1354 urang dikerid peuti ka Batavia ngalangkung cianjur. Maksad VOC kanggo ngancurkeun kakiatan H Prawata Sari. Urang Jampang nu ngaleut the seuuena maot di tengah jalan, eta bae nu nyisa the mung 582 urang. Teras dibantun ka bayabang. Kanyataan nana H Prawata Sari heunteu tiwas malih ngempelkeun wadya balad seuuer pisan, teras ngarurugrug kabupaten priangan wetan. Dina taun 1705 H Prawata Sari muncul di Jampang deui teras ngaraman sakuriling Batavia, sasih januari caket Bogor.
Kulantaran Prawatasari teu bias ditewak, aya 3 kapala rahayat nu ditewak di Kampung baru Bogor laju dipaehan. Dina Sasih maret Prawatsari nagcau Sumedang kaler sasih agustus 1705 mani tilu kali Prawwatasari ngelehkeun Walanda (hebat euy…) nu nyobi ngudag. Lajeng hukuman berat ditibankeun ka saha bae nu disangka ngabantu Prawata Sari, tapi lain liren malih nambihhan bae pengikutna. Lajeng Walanda ngaluarkeun kaptususan yen bupati ti Tatar Sunda kudu bias newak Prawatasri dina waktu 6 bulan Kaleresan dina taun 1706 H Prawatasari ningalkeun Tatar Sunda ka Jawa Tengah. Prawatasari katangkep di Kartasura dina hiji waktos saparantos ditipu ku Kebo Bule (12 Juli 1707). Laju ayeuna makamna ayana di Cilacap di Dayeuh Luhur ku urang dinya disebat tutunan Panjalu, makamna dugi ayeuna sering dijarahan ku urang dinya sarta urang Ciamis.
RADEN ARIA WIRA TANU III
(RADEN ASTRAMANGGALA)
1707-1726

Aria Wira Tanu II digentos ku putra cikal nyaeta Raden Astramenggala, Saparantos janten Regent dina taun1707 nganggo gelar wira Tanu III. Waktos Wira Tanu II pupus, pamoyanan dayeuh nagri the ngarangrangan, narikolot janten combrek tiisen kawon ku kampung cinajur nu wuwuh majeng. Kumargi kitu barang Wira Tanu III janten regent, anjeuna dina taun 1707 keneh teras ngalih ka kampung cianjur. Kampung cianjur didamel dayeuh nagri, ibukota nepi kiwari. Wira Tanu III saleresna teu ngalih nagri mung ngalih bumi tebihna ukur ratusan meter, ngalih nyaketan tilas pangguyanan badak putih.
Kumargi kitu Wira Tanu II, anu padalemanana aya di Pamoyanan disebat dalem TaRikolot nyaeta dalem nu calik di dayeuh nu narikolot.
Numutkeun D3 September 1711 Van Riebeck marentahkeun ka regent cianjur, Cibalagung, sareng Cikalong supados nyaur 2 umbul sewang nu di basisir laut kidul, hal ieu netelakeun yen basisir kidul kalebet bawahan. Salajengna Jampang dina taun 1715 dilebetkeun kana Cianjur. Dina taun 1720 Wira Tanu III ngajengkeun pretensi ka Walanda ngenaan daerah nu aya Diana kakawasaan kabupatian tatangga dugi residen cirebon mah repoteun, margi upami eta pretensi diturut tangtosna bakal ngirangan wilayah kabupatian nu sanes. Residen cirebon lapor ka pamarentah di Batavia kieu :
1 Rahayat Cianjur ngadamel kaca-kaca di wates dayeuh Cianjur kanggo ngahormat Wira Tanu III, kaca kacana ageung pisan mangrupi benteng sapertos gapura kasultanan jogyakarta. Naha ngadamel kaca-kaca bae dilaporkeun ka Batavia, rupina walanda hariwang boh bilih aya nu ngabahayakeun midamel kaca-kaca. Kaca-kaca the nembongkeun kajayaan, wibawa komara Wira Tanu III di Cianjur.
2. Wira Tanu III nyuhunkeun Walanda supados anjeuna dipasihan gelar “pangerang Aria Dipatty Amangcoerat Indator (Pangeran Aria Dipati Amangkurat Di Datar), harotsna Wira Tanu III minagka Amangkurat aatanapi nyamikeun anjeun sareng amangkurat (I), the sultan karajaan mataram. Walanda hariwang kumargi Wira Tanu III teu liren-liren ngagengan wilayahna , kumargi kitu anu dikabulkeun the mung gelar Datar-na bae, kitu oge elat nu nganggo gelar Datar the Wira Tanu Datar IV (putrana).
3. Wira Tanu III mundut ka Walanda supados Citarum janten wates wilayah Cianjur ku jalan ieu anjeuna tiasa ngengingkeun satengah wilayah Bandung sareng Karawang ditambih saparapatna Parakanmuncang.
Wira Tanu III keukeuh nyuhunkeun ka walanda sangkan wates cianjur, pangpangna wates Cianjur jeung kampung Baru (Bogor), Karawang, Bandung, Parakan Muncang. Perlu kauningan yen wates nu disuhunkeun, Diana kaayaan harita ngagengan wilayah cianjur tapi ngalitan kabupaten tatanggi. Dina taun 1724 sabagian kampung baru (Bogor) sareng sagara kidul diputuskeun lebet Cianjur.
Wira Tanu II kawentar tiasa ngurus kebon kopi, setoran kopi ka VOC tiasa disebat pangseuuerna, atuh anjeuna kenginh kauntungan ageung. Dina taun 1726 aya hiji rahayat nu newek Wira Tanu II ku Condre palebah patuangannana. Dalem rubuh tiwas harita keneh dugi titis dipundut ku nu kawasa. Kumargi pupusna Wira Tanu III ditelasan nganggo condre anjeuna sok disebat “Dalem Dicondre”, aanjeuna dipendem di Pamoyanan caket makam ramana. Janten bupatina yuswa 21 taun, pupusna 40 taun. Wira Tanu III ngantunkeun putra seuuerna 7, digentros ku putra cikal namina Sabirudin


Aya 2 pamendak ngenaan ditelasana Wira Tanu III

Dina mangsa ramena melak kopi, mangsa serah kopi ka walanda, bayaran kopi nu sakedahna 1:17.50 ku Wira Tanu III mung dibayar 1:12.50 janten anu 1:5 dianggo ku anjeuna, kumargi kitu rahayat the barontak dugi nelasan Wira Ranu III
Hiji waktos Wira Tanu III ngadangu, yen di Cikembar aya istri geulis kawanti-wanti, eta istri the namina Apun Gentay. Apun Gentay diasur teu lami dongkap, salerena Apun Gentay the tos gaduh papacangan urang Citerep, Bogor. Papacangan Apun Gentay nganter ka Dayeuh, nuju harita Wira Tanu III aya dipaseban Pamengkang. Dinten eta kemis tabuh 4 mung aya ki Mas Purwa, saderek Wira Tanu III. Wira Tanu III harita nuju calik dina katil, Mas Purwa dipayunenana di handap. Teu lami dongkap piwarangan ti Cikembar, Apun Gentai sareng papacanganana. Piwarangan mah ti payun maksadna wartosna ka Wira Tanu III masksadna wawartos ka Wira Tanu III, lajeng Wira Tanu III sasauran kieu sina ka dieu awewe the maneh mah jung balik deui. Piwarangan the teu nerasngkeun yen Apun Gentai the tos gaduh papacangan teras Apun Gentai ka lebet disarengan ku papacanganana.Wira Tanu III sasauran kieu Ka dieu, Apun Gentai nyaketan kitu oge papacanganana. Wira Tanu III nyangki rek sasalaman atuh anjeuna nyodorekeun panangan tapi teu ningali bae kumargi panoana ningali bae ka Apun Gentai, teu antaparah deui papacangan Apun Gentai newek Wira Tanu III palebah patuanganana nu dicondre. Anjeuna sasauran ka Mas Purwa naha teu katenjo eta jelema nubles ?, salerena ku Mas Purwa katingali ngan anjeuna olohok mata simeten. Papacangan Apun Gentai newek dugi 3 kali lajeng lumpat, condre masih keneh dicekel. Mas Purwa ngudag barang kaudag Mas purwa dutubles bari lumpat, keuna halisna nanging teu tatu. Sababaraha kali Mas Purwa ditubles keukeuh teu nerak da anjeuna weduk. Ahirna papacangan Apun Gentai katewak ku Mas Purwa, pakarangna direbut lajeng ditigas beuheungna dugi ka hulu misah jeung awak. Enggal para wargi diwartosan ku Mas Purwa sadaya sarumping bari nangis. Wira Tanu III calik nyarande dina kantil anjeuna teu emut, lebetanana kaluar tina patuangan lejeng dicandak ka padaleman. Anjeuna pupus tabuh 7 wengi Nya ti harita Dalem Wira Tanu III disebat Dalem Dicondre. Para sepuh sasauran kieu Darengekeun barudak, incu, buyut jeung kabeh turunan maraneh poma ulah nikah ka urang cikembar, jeung maraneh salwasna mudu make pakarang condre ti harita nepi ayeuna saur sepuh the diturut. Geus 6 bupati di Cinajur, ari istri nu janten eta kajadian teu lami katarajang udur cacar teras maot. Raden Aria Dicondre digentos ku Raden Sabirudin putra cikalna nu ngawitan gelas Adipati (ieu the carios Kanjeng Pancaniti, Raden Kusumaningrat ku anjeun)
RADEN ADIPATI WIRA TANU DATAR IV
(RADEN SABIRUDIN)
REGENT 1727-1761

Wira Tanu III digentos ku putra cikalna namina Raden Sabirudin dina taun 1727. Dalem kakoncara teu kinten takwana ka Allah SWT alim sareng jero dina elmu agama, pangaosan dinten Senen, Kemis di kabupaten tara petot. Putra istri jenengan Nyi Raden Mojanegara nikahna ka Syek Abdullah Rivai (Arab) ti Banten.
Ti Dieu Dalem kagungan putu 3 pameget sareng 2 istri. Putra Dalem Sabirudin nu jenenganana Nyi Bodedar teu kinten kayana, anjeuna wakaf tanah sababaraha ha. Eta wakaf dugi ayeuna aya keneh diurus ku hiji badan. Nyi Bodedar wafat sareng dimakamkeun di Cianjur leresan di juru alun-alun sagedengan tilas panguyanga badak putih. Teu kinten wajarna upami ieu makam disaean, dupi waragadnantina hasil wakaf puluhan ha tanah tea.
Dina R23 Juli 1726 ditetepkeun yen putra cikal Dalem Dicondre jenengan Wiramenggala bakal ngagentos rama, naming diangkatna janten regent dina R 28 januari 1727 kumargi kapameng diantosan kana sabada taun baru. Salajengna disebat Aria Wiramenggala dina R13 januari 1728. Janten numutkeun sajarah the jenengan Wira Tanu Datar dikawitan ti Wira Tanu Datar IV. Kumargi Wira Tanu IV disebat Wira Tanu Datar IV atuh kitu deui ka III dugi ka I.
Dina ieu naskah oge supados heunteu kaliru urang anggo jenengananan Wira Tanu Datar, aya deui nu narik perhatosan nyaeta gelar Adipati sanes Aria.
Ari nu ngalereskeun urusan pamarentahan mah kapiwarangan Wira Nata, kalungguhanana the Patih. Dina waktos harita Wira Nata tehjanten kapala di Jampang, dina waktos harita kaayaan sae pisan. Wira Nata masih tetep di Cianjur sanaos anjeuna janten bupati di Kampung Baru Bogor. Adipati Wira Tanu IV pupus dina taun 1761 dimakamkeun di Pasarean Agung Cianjur. Putra Adipati Wira Tanu IV aya 11 nu cikal jenegananana Raden Muhyidin ngangentos ramana janten bupati Cianjur.
RADEN ADIPATI WIRA TANU DATAR V
(RADEN MUHYIDIN)
REGENT 1761-1776


Wira Tanu Datar IV pupus dina taun 1761, anjeunna digentos ku putra cikalna jenengana Raden Muhyidin. Saparantos janten regent anjeuna nganggo gelar Adipati Wira Tanu Datar V.
Kalalengan Wira Tanu Datar V the sagala rupi seni budaya, sapertos pencak silat, nu dugi ka ayeuna aya keneh sarta teras mekar. Kabeh dieunakeun jago penca nu kawentar diantawisna Raden Ateng Alimudin, Bang Ma’rup, Bang Madi sareng Bang Kari. Aya jago silat turunan cikundul jenenganana Raden Haji Ibrohim alias Raden Jayaperbata, putra rajadiredja, putra aria wiranegara (Aria Cikalong), Putra Wira Tanu Datar VI. Makam Raden Haji Ibrohim pernahna di Cikundul, kelereun makam Cikundul.
Wira Tanu Datar V puputra 17 anu penting patalina nyaeta : 1. Raden Noh nu janten Wira tanu Datar VI, 2. Nyi Raden Tanjung Nagara. Nyi Raden Tanjung nagara puputra 4 nyaeta : 1. Adipati Prawiradiredja I, nu engkena janten patih teras janten Bupati Cianjur ngagentos Wira Tanu Datar VI, 2. Nyi Raden Haji Suhaemi, 3. Nyi Raden Mamah, 4. Nyi Raden Geboy.
Putra Wira Tanu Datar V sanesna aya Natadigja, puputra Raden Muhyi nu ngarundaykeun pangjulu pimpinan cianjur, sareng sukabumi, sapertos Raden Haji Sadikin, Raden Haji Isa, Raden Haji Hoesen. Wira Tanu V wafat dina taun 1776 dipendem di Pasrean Agung, kota Cianjur


RADEN ADIPATI WIRA TANU DATAR VI
(RADEN NOH ALIAS WIRANEGARA)
REGENT 1776-1813

Anjeuna putra cikal ti Wira Tanu Datar V, ngagentos ramana dina taun 1776 lajeng ngagentos janten Adipati Wira Tanu Data VI. Kaayan pamarentahan Diana mangsa haritalancar. Anjeuna nyepeng kalungguhan sarta janten regent pangsepuhna. Kumargi kitu anjeuna diajenan sareng dipikasuh ku regent nu sanesna di Priangan. Upamina Surianegara alias Pangeran Kornel , regent Sumedang nu engkena ngamumule Raden Abas putra bungsu Wira Tanu Datar VI. Wira Tanu Datar VI gaduh putra 1. Nyi Rdaen Meumeut, 2. Raden Prawiranegara (Aria Cikalong), 3. Raden Moh Tobri, 4. Raden Abas.
Raden Prawiranagara janten kapala di Balubur, anjeuna nganggo gelar demang. Salajengna anjeuna diangkat ngarangkap Cutak Jampang. Aria Cikalong the kakoncara telenges, bengis. Seueur jalmi nu ijid, rupina sifat –sifat ieu nu nu janten halangan anjeuna janten regent ngagentos ramana. Numutkeun Van Lawick anjeuna kantos diolo supados mungah haji, nanging sabada katohyan yen maksadna mah supados, anjeuna disingsalkeun tina kalungguhan regent. Anjeuna mundut liren tina Patih sareng cutak Jampang dina taun 1802, 5 taun ti harita Aria cikalong dijenengkeun cutak di cikalong sareng cibalagung. Putra nu kadua Natanagara anjeuna resep heureuy, banyol, sarta ngabojeg. Waktos rakana mundut liren, anjeuna mundut supados diangkat patih cianjur sareng Cutak Jampang. Ku kanyataan 2 di luhur Residen Macquid nyebatkeun Diana taun 1813 yen rupina kabupatian Cianjur bakal dilajengkeun ku kulawargi sanes. Wira Tanu Datar VI pupus dina taun 1813, harita Raden Abas, putra bungsu, nembe yuswa 4 taun, saparantos dikantun ku rama dicandak ka Sumedang ku Surianagara nu janten bupati sumedang.


RADEN ARIA ADIPATI SURIANATAKUSUMAH
(WIRA TANU DATAR VII)
(RADEN ABAS)
REGENT 1837-1871
(BUPATI LIMBANGAN, SALAJENGNA BUPATI GARUT)

Raden Abas dirorokna ku bupati Sumedang, jenengan Pangeran Kusumah Dinata. Ieu the bales budi Pangeran Kusumah Dinata ka ramana Raden Abas, nalika Pangeran Kusumah Dinata janten cutak di kabupatian Cianjur nu jujulukna Suranagara.
Raden Suranagara saparantos janten Bupati janten Adiapati Kusumah Dinata sohorna Pangeran Kornel, putrana Kusumah Dinata, putu Dalem Adipati Surianagara, alona Raden Ema alias Surialaga II nu kasebat dalem Talun. Anu janten bupati Sumedang harita jenenganana Dalem Adipati Surialaga I ramana Raden Ema, pupus taun 1773, Raden Suranegara sareng Raden Ema the aralit keneh, hak kalungguhan bupati dicepeng ku Wira Tanu Baya, bupati parakan Muncang. Wira Tanu Baya janten bupati sumedang 1773-1775, sanos Rd Suranagara nikah ka putra Wira Tanu Baya nanging anjeuna risi kana kalungguhan bupati Sumedang direbut ku Suranagara, lajeng Rd Suranagara ditundung ti Sumedang, lolosna ka daerah Cianjur, nyingkur di kampung kalapa nunggal. Nanging teu lami kapendak ku Raden Astra padamel kopi Cianjur atuh teras dicandak ka Wira Tanu Datar VI. Ku Wira Tanu Datar VI diangken pisan nanging anjeuna teu calik di Cianjur, ngadon masantren di kampung ciajag anjeuna nikah ka Lenggang Kusumah putra Lenggang Nagara, putra Tumeggung Natanagara, putr Dalem Dicondre.
Teu lami ti harita Raden Ema putra cikal Surialaga I, nu kagungan hak ngagentos bupati Sumedang nyusul ka Cianjur da sami ditundung ku Wira Tanu Baya jalaran risi direbut kalungguhan bupati. Lajeng ku Wira Tanu Datar VI anjeuna ditampi pisan dijantenkeun panakawan, lajeng anjeuna nyantri leket pisan. Ku Wira Tanu Datar VI anjeuna ditikahkeun ka rakana nu benten ibu jenengana Nyi Raden Siti Ampiya..
Adipati Wira Tanu Baya teu lami janten bupatina anjuena pupus taun 1775, lajeng digentos ku Adipati Patrakusumah (1775-1791), saparantos ieu bupati pupus digentos ku Aria Sacapati patih Sumedang harita anjeuna nyeratan ka Adipati Wira Tanu Datar VI, mundut supados Raden Suranegara diusulkeun ku Wira Tanu Datar VI ka pamarentah sangkan janten Bupati Sumedang, lajeng usulna disaluyuan anjeuna nganggo gelar Pangeran Kusumahdianata nu kakoncara Pangeran Kornel (1791-1828). Wangsul deui ka Raden Abas nu dikantun pupus ku ramana anjeuna dikukut ku Pangeran Kornel, Sparantos dewasa anjeuna ditikahkeun ka wargi pangeran jenenganana Nyi Raden Purnama putra Aria Jayanagara putu Adipati Adiwijaya, bupati limbangan. Raden Abas nu tos gentos jenengan janten Wiranagra ngiring ngasord janten Patih Limbangan, ngagentos mertua. Sabada Tumenggung Kusumah Ningrat ngalih ka sumedang.

Lajengken…….

RADEN ARIA ADIPATI SURIANATAKUSUMAH
(WIRA TANU DATAR VII)
(RADEN ABAS)
REGENT 1837-1871
(BUPATI LIMBANGAN, SALAJENGNA BUPATI GARUT)

Anjeuna nganggo gelar Adipati Kusumah Dinata (Dalem Alit, 1833-1834), Raden Abasa ngangsrod deui janten bupati Limbangan. Teu lami puseur kota Limbangan narikolot, karamean ngised ka Garut, hiji afdeling enggal. Garut janten puseur kota, bupatinya oge ngalih ka Garut. Nami kabupatian digentos janten Garut tug nepi ayeuna. Gelar nu dianggo ku Raden Abas Adipati Suria Nata Kusumah, heunteu nganggo gelar Wira Tanu Datar.

RADEN ADIPATI WIRA TANU DATAR VIII
(RADEN JENON)
REGENT 1872-1916 (BUPATI GARUT)


Putra cikal Aria Adipati suria Nata Kusumah, putra Adipati Wira Tanu Datar VI, nu janten bupati Garut nanging heunteu nganggo gelar Wira Tanu Datar, jenenganana Raden Jenon. Nalika Aria Adipati Wira Tanu Datar VII pupus, putra pameget, jenengan Raden Abas, kalungguhan wadana heunteu tiasa ngagentos rama jeneng bupati Garut. Warosna kumargi anjeuna kantos ngabedil badak nu harita parantos dilarang ku pamarentah teu kenging diboro sumawona dipaehan, Raden Barnas dicabut hakna janten bupati Garut. Wira Tanu Datar VIII gaduh putra 22, nanging teu aya nu janten bupati Garut, kalungguhan bupati garut digentos ku Adipati Suaria Karta Legawa. Wira Tanu Datar VIII pupus taun 1916 di pengkeren masjid Agung Garut, sami sareng ramana.

Runtuyan Bupati Cianjur.
1640-1686 Aria Wira Tanu I/Jayasasana (Dalem mandiri, teu diangkat ku nu sanes)
1686-1707 Wira Tanu II (diangkat regent ku Walanda/VOC)
1707-1726 Wira Tanu III diangkat ku VOC
1727-1761 Adipati Wira Tanu Datar IV
1761-1776 Adipati Wira Tanu Datar V
1776-1813 Adipati Wira Tanu Datar VI
1813-1833 R Adipati Prawiradiredja, putra nyai R Tanjungnagara rai Wira Tanu VI
1833-1834 R Tumenggung Wiranagara
1834-1862 Aria Adipati Kusumahningrat
1862-1910 Adipati Sentot Alibasah
1910-1912 Demang Nata Kusumah
1912-1920 RAA Wiranatakusumah
1920-1932 RA Suriadiningrat
1932-1934 R Sunarya
1934-1943 R Suarianataatmaja
1943-1945 R Adiwikarta
1945-1945 R Yasin Partadiredja (jaman republik)
1945-1946 R Iyok Mohammad Siroj
1946-1948 R Abas Wilagasomantri
1948-1950 R Ateng Sanusi Natawijogya
1950-1952 R Ahmad suriadikusumah
1952-1956 R Ahmad Pena
1956-1957 R Holan Sukmadinigrat
1957-1959 R Muryani Nataatmaja
1959-1966 R Apung Purawijaya
1966-1966 Letkol Rahmat
1969-1969 Letkol Sarmada
1969-1970 R Gadjali Gandawidura
1970-1978 Drs H Ahmad Endang
1978 –1980 Ir Adjat Sudrajat Sudimiharja

TOKOH-TOKOH NU AYA PATULA-PATALI
SARENG KANJENG ARIA WIRA TANU I
(JAYASASANA,DALEM CIKUNDUL)

PRABU JAMPANG MANGGUNG
Nami aslina Pangerang Sanghayang Boros Ngora putra ka 2 Adipati Singacala (Panjalu) Prabu Cakra Dewa (Putra Sedang Larang, putu Ratu Prapa Sela Wati) ti Permesuri Nyai Putri Ratu Sari Pramana Dewi, puteri ka 6 Adipati Wanaperi Sang Aria Kikis nu Silsilah Panjalau disebat Raja Talaga, janten anjeuna saderek misan Dalem Cikundul. Pangeran Sanghyang Boros Ngora sadrek 4 urang, ti yuswa 14 taun diparentah Rama sangkan mampu ziarah ka pusat Syahadat di Mekah.
Dina bulan Safar taun 1101 H Sang Hyang Borosngora dugi deui ka Tanah Air, perjalanan ka Tanah Suci Mekah lamina 6 taun.
Sang Hyang Boros Ngora kenging jujuluk Syehk Haji Sampulur Sauma Dipa Ulama lajeng mulih ka singacala mendakan sepuhna tos pupus. Dina ati sanubarina anjeuna hoyong sasarengan rakyat Padjajaran Girang, Tengah neleman Cahaya Al Quranul Karim sahingga anjeuna muhibbah ka Nagari Sancang sareng Tanah Jampang.
Dina Windu kahiji anjeuna silaturahmi ka Tanah laluhur di karantenan, di gunung sawal-negeri sancang-parakan tilu-kandang wesi-gunung wayang sareng gunung kendan (galuh wiwitan), oge dayeuh kolot (Sagalaherang)-Nagari Wanayasa Raja Mantri-bayabang nepangan kiai Naga Sasra-Paringgalaya(ayeuna tos janten waduk jatiluhur)- teras wangsul ka gunung wayang
Windu Kadua anjeuna angkat ka Jampang Wetan-Gunung Patuha-Gunung Pucung Pugur-Pasir Bentang-Gunung masigit-Pager Ruyung-Pagelarang-Jampang Tengah-Curug Supit-Cihonje-Teluk Ratu-Gunung Sunda-Cipanegah-cicatih teras jiarah ka Salaka Domas di Sela Kancana-Cipanengah-cimandiri.
Windu Katilu ka Jampang Tengah madepokan di girang walungan cikaso-Taman Mayang Sari (kuta jero)-Jampang Kuloon. Didieu anjeuna sohor jenengan Haji
Soleh sareng Haji Mulya, sarengsena windu ka 3 mulih ka Cipanengah-Gunung Rompang numana anjeuna disebat Syeihk Haji Dalem Sepuh.
Syang Hyang Borosngora nikah ka salah saurang parawan anu yatim, incu angkat Kanjeng Kiai Cinta Linuwih di gunung wayang. Si parawan the turunan langsung ti Senapati Amuk Murugul Sura Wijaya, Mantri Agung Mareja, wakil Sri Maha Raja Padajajaran kanggo wilayah Cirebon Girang sareng Tengah.
Dina windu ka 3 kagungan 2 putra nyaeta Hariang Sancang Kuning sarta Pangeran Hariang Kancana. Alkisah Sang Hyang Borosngora dipaparin yuswa panjang, anjeuna pupus saparantos ti Gunung Rompang sarta dimakamkeun di hiji tempat di sisi walungan Cileuleuy, Kp Langkob, Desa Ciambar, Kac Nagrak, Sukabumi.
Anapon putra cikalna Hariang Sancang Kuning napak tilas sepuhna ka Padjajaran Girang sareng Tengah, laju ka Singacala (panjalu), pupus dimakamkeun di Cibungur, kidul Panjalu. Hiji turunanna nu sohor nyaeta Raden Alit atanapi Haji Perwata Sari nu gigih menentang penjajah dikenal Pemberontak nu dipikasieun dikenal “Karaman Jawa”.
Sedangkeun Pangeran Hariang Kancana janten Adipati Singacala lejeng ngalih ka Panjalu, pupus dimakamkeun di giri Wana Kusumah, Situ Panjalu, Wallahu Alam.

KANJENG DALEM LUMAJU GEDE NYILIH NAGARA
Anjeuna putra Panembahan Giri Laya saderek Adipati Wana Perih, Pangeran Satya Pati. Janten Dalem Lumaju Gede the saderek misan ti Dalem Aria Wira Tanu I (Cikundul). Kumargi pangalaman nu luas dina ka Islaman anjeuna janten paniisan jalmi-jalmi, linggihna du cibalagung teras ngalih ka Cipamingkis, Cibeet.
Anjeuna cicit Prabu Pucuk Umum Rangga Mulya Surya Kancana, nu lolos ka daerah Pulo Sari Banten Girang kumargi alim perang sareng papada Islam jeung masih kulawargi nyalira. Sahingga dipasihan jujuluk Prabu Pucuk Umum Pulo Sari makamna di Banten Girang, kanjeng Dalem Lumaju gede tiasa nyusup janten wadya balad Kasultanan Banten sareng janten Senapati.
Laju anjeuna barontak ka Sultan Banten anjeuna tiasa nelasan sababarah tangtara Banten. Tindakanna the kumargi anjeuna nyeri hate ku perlakuan Banten ka para karuhun anjeuna.
Lajeng anjeuna milari perlindungan ka Dalem Cikundul (saderek misanna), anjeuna janten pendamping utama Dalem Cikundul ti mangsar kesepakatan Gunung Rompang
(tilas dipati Padjajaran Tengah, Girang). Saprantos pupus anjeuna dimakamkeun di Makam Karamat Gunung Gambir, kaler Gunung Jampang Manggung, makamna sapalih Raden Surya Padang (panglima Perang Cikundul).

NYAI PUTRI RATU KIDUL

Anjeuna gaduh nami alit Nyai Putri mayang Sagara Pamulangan nyaeta putra Nyai Ratu Puun Purana Sari ti carogena Raden Kumbang Bagus Setra nu pupus ku akibat kacilakaan longsor di Bantar Kalong.
Nyai Ratu Puun Purana Sari putra bungsu kanjeng Prabu Sedah Nu Siya Mulya, Raja Padjajaran terakhir. Nami Prabu Sedah kamashur dina carita rakyat Sunda “Uga Lebak Cawene” nyeta Uga kependak deui “Rah Raja Sakembaran” Sang Darma Pala jeung Sang Darma Rehe di diri Sang Prabu Sedah Nu Siya Mulya sareng Sang Prabu Pucuk Umun Raga Mulya Surya Kancana.
Raja Putri Ratu Kidul dijadikeun santaan rakyat basisir Samudera Kidul kakuasaanna ti Muhara Cibuni agung dugi Tanjung Panto, anjeuna ngagem Islam sarta taat pisan, anjeuna oge ngiring di musyawarah di Gunung Rompang. Kanjeng Ratu Kidul Nyai Putri Mayang Sagara pamulangan Gunung Winarum Karang Hawu Palabuhan Ratu.

PANGERAN SANG HYANG PANAITAN
Pangeran Sanghyang Panaitan nami aslina Raden Widaya, cicit Sang prabu Rangga Sinom di Sedang, putra Prabu Kangkang, Adipati SukaWayana, anjeuna Rakean Islam di Pulau Panaitan Hujung Kulon, Prabu Sedah nyebutna Nusa Larang, anjeuna ngiring musyawah di Gunung Rompang utusan ti Nagri Suka Wayana sareng Panaitan, pupus dimkamkeun di Gunung Tangkil, pengkeren Samudera Beach Hotel Palabuhan Ratu.
KANJENG KIAI ARIA WAYANG SARI
Anjeuna asalna ti Kadu Ngora, Garut ramana kanjeng Kiai Linuwih putu Kanjeng Sunan Rohmat, anjeuna nu mimimpin pasantren gunung wayang taun 1635 M
SYECH ABDUL GANI
Putera ka 3 Kanjeng Pangeran Girilaya nu dietempatkeun di Banten Girang sapertos saderek-saderekna nu ti payun kanggo nitenan tugas utama ngahibur rakyat Padajajaran nu rumaos ngangluh kumargi Padjajaran nu dipikacinta tos ngahiang, kacintaan ieu sapertos dikisahkeun dina tembang cianjuran nu sono kana jaman Padjajaran.


PANUTUP

Tutut catur para karuhun urang cekapkeun ka dieu bae, urang tutup ku Cianjur kiwari etang-etang sapu nyere pegat simpay.
Cianjur Kiwari sanes leuweung luwang liwung, eta mah jaman baheula. Urang Cianjur ayeuna mah teu terang badak komo deui badak putih anging kantun tapakna, warosna badak ieu nyedek ka kulon.
Cianjur kiwari sawahna upluk aplak beasna kawentar ka mancanegara. Seni Budayana teu kantun penca silat bela diri Cikalong sareng Cimande, tembang Cianjuran sareng lalaguan degung mekar pareum, sanes bae di Cianjur nanging di sakuliah tatar Sunda.
Cianjur kiwari sosonsoson dina pangawangunan keur ngangsrodkeun taraf hirup masrakat. Pamarentah sareng Nagara kawajiban warga cianjur sadaya nyinglar panyawat narikolot ku ngawangun saeutikna sataun sakali dina mangsa Hari jadi Cianjur.

Tutup anu kapicatur
Pungkas anu kacarita
Muga kaala buahna
Mugi katarik hasilna
Cianjur langgeng nanjung
Tetep pada mikanineung
Teudeum di handeuleum siuem
Tunda di hanjuang siang
Paranti Nyokot ninggalkeun

Nyuhunkeun sambubudaya kalelepatan
Boh Nu karaos atanapi heunteu
Ieu mah mung ukur carita
Manggakeun bade dicandak kanggo
Palajaran urang atanapi heunteu
Ngan hiji pamenta kuring sakali deui :
“Ulah kirang ngahampunten dina sagala kakirangan”

Cag mun aya umur jeung waktos
Urang lajengkeun sareng sajarah kota
Di Tatar Sunda nu sanes
Wabilahil Taufik Wal Hidayah, Wassalam mualikum wr wb

Tidak ada komentar:

Posting Komentar